Dosa Uing Ka Isola

Nempo deui Gedong Isola, basa uing ngalanto ka IKIP Bandung. Hate jadi rus-ras inget kana dosa baheula. kabayang keneh, Harita teh, hujan ngaririncik, wanci maju ka magrib, duaan ...uing keketeyepan, dongko, nyinglar paningali batur, muru ka sisi kulah, kaleren isola. Anjog ka sisi kulah, gog ..nagog, gigireun pangdiukan tina tembok, nu kaiuhan ku rungkun kiara,nu ngarangkadak. Luak-lieuk sakeudeung, leungeun katuhu mebes, kana pesak calana, nyabut kantong keresek warna hideung, nu geus dipolongoan tungtung handapna. Keresek di lelepkeun kana kulah, bari diawuran ku bubuk roti. Dasar lauk ngarti, ngan ukur dedetikan, lauk lalumpatan muru bubuk roti, lebah liang keresek nu dicepengan. Sup ...sup.. dua lauk nu marontok asup .Keresek ditarik. lauk gegerepekan. Laju pindah kana kantong. Teu loba ngan dua, sakali deui ngan dua, ubar lapar, beuleumeun di kamar kontrakan. Bongan geus lila, indung di lembur teu malesan surat. Pangabutuh antay-antayan datang, biaya ngupahan beuteung nu menta eusi teu datang-datang. Girinyih lauk nu pinuh ku gajih, nyereces, di beuleum, bareng jeung ngeclakna cipanon, nu rumasa dosa, ka anjeun ISOLA !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Kinkin Abdul Hakim: Ang AY: Balong dipasantren ge nusantri, kajeun numelakanana ajeungan ge.....
  2. De Hudaya: isola seueur dosa ka abdi, tapi isola teu sapertos akang, nyerat fikmin kanggo abdi. aduh teu sedih deh, tapi cimataan.
  3. Yanti Sri Budiarti: Teu loba ngan dua, sakali deui ngan dua, ...Ayeuna ngarasa hanjakal pisan naha ngan ngala dua, padahal dosana mah sarua...Kitu sanes Kang? hehehe
  4. Ahmad Yani: @Kinkin Abdul Hakim : Heu heu heu ... rupina Santri ge, sami nya? sok rajin mindahkeun lauk ti kulah, kana patuangannana ! ha ha ha !
  5. Ahmad Yani: @Deri Hudaya : Heu heu heu ... Jaman werit harita mah Yayi, angkat ka Kampus ge, masih keneh ngangge Oplet " Bayawak", pasedek-sedek jeung tukang hayam, jeung sarupaning sayuran ! ha ha ha !!
  6. Ahmad Yani: @Yanti : heu heu heu .... ni pinter, ngodok hate pun uing ! hi hi hi hi !
  7. Tanti Damayanti: kutan........ lalindeuk lauk isola teh..............
  8. Ki Hasan: Ari santri mah cenah eupanna ku kastrol urut ngaliwet, nu masih aya keneh intipna.
  9. Irman Dimyatie: Paingan atuh basa dibedahkeun harita, Pak Rektor bingung naha lauk KOJO nu sapasang leungit.........
  10. Rohendi Pandeglang: Kulamah sok ngawanikeun maneh weh menta ka Pa Karna Yudibrata, gigireun asrama putra, ari hayang lauk teh, ja didinyamah isok aya wae lauk. Hehe, sieun di balong isolamah aya nu ngageugeuhan, cenah.
  11. Ahmad Yani: @Tanti Damayanti : Lindeuk pisan, malihanan mah cekap ku diheotan, teras ting kurunyung nyampeurkeun ! heu heu !
  12. Ahmad Yani: @Ki Hasan : Hi hi hi ... aya ku waas kastrol janten eupan, edas ku sagala beuki nya, ari lauk di pasantren, ku liwet oge meni kabengbat ! ha ha ha !
  13. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : hi hi hi hi ....salaresna panjang keneh dongengna teh Ang ! , Waktos di beuleum eta dua lauk teh, teu ieuh teurak ku seuneu !, dagingna teu bocel-bocel acan, angger baseuh. Bakat ku heran terus lauk teh di lepaskeun , Ari beretek teh lauk lumpat, ngadon ayun-ayunnan na tangkal kiara, heu heu heu ! bari kokoceakan " Kang Irman !!!, Kang Irmannnn !!!! " cenah ! he he he !
  14. Deden Abdul Aziz: Pasti lauk sajodo da di sisi kulah eta mah paranti nu 'bodoh-bodohan' bari diserangkeun ku Neng Ida ti lante dua Isola... Kagagas, Ang, sami abdi ge jeung Kai Rudi Riadi sok sagala diala di kampus teh mun keur kalaparan...
  15. Ahmad Yani: @Kang Rohendi Pandeglang : Heu heu heu ,,,janten muringkak bulu punduk, nguping di Kulah Isola aya nu ngageugeuh, paingan atuh Daging lauk nu dua, waktos di asaan, rasana bet sapertos buah leunca, kesed semu pait ! ha ha ha ha !!! ( Hatur Nuhun Ang ! )
  16. Ahmad Yani: @Kang Deden Abdul Aziz : He he he he... lauk nu dua, diudag-udag ku duaan. Dieupan ku bubuk roti, dua nana, teu ngarti, mung ukur resep kana roti, tapi teu ieuh surti kana kahoyong ati ! ha ha ha !, nu kumpay lumpat ka wetankeun, nyumput di wewengkon Cirebon. Nu warna koneng, ngejat ka kalerkeun, bumen-bumen di daerah Pamanukan ... ha ha ha ha hahha ha !! ( hatur sewu nuhun Ang !, kana panglayadna ka ieu lapak ! )
  17. Irman Dimyatie: Ang Ahmad Yani: Kacida eta lauk....... aya kituna nya wakakakakak..... gabrugggg!!!!
  18. Ya Soebarta: Untung teu muriang ge kang, enggal gentosan ku lele...!!
  19. Ahmad Yani: @Kang Irman : Heu heu heu lauk nu motekar Ang !
  20. Ahmad Yani: @ Ya Soebarta : Atos di gentosan ku bibit beunteur sa gelas ! ha ha !